Wilujeung tepang
Napangkeun nami pun biang sim kuring teh nyaeta Sufi
Qristiawati , yuswa pun biang sim kuring teh nyaeta 47 taun . Linggihna di
jalan sutiragen 6 no 4 perum Indraprasta 1 . Padamelan pun biang sim kuring teh
di TK MAWAR Bogor nu alamatna di jalan sutiragen 9 teu patos tebih ti rorompok
sim kuring . Riwayat sakolaan pun biang sim kuring teh nyaeta di TK na di TK mexindo
, sd na di SD bangka 3 , smp na di SMPN 3 Bogor , sma na di SMAN 3 Bogor ,
jeung kuliah na di UNPAK pun biang abdi teh ngambil jurusan ekonomi sami jeung
pun bapa abdi .
Sim kuring teh ngarasa bangga gaduh pun biang kos pun biang
abdi , padahal mah sim kuring teh sering nganyusahan pun biang abdi , abdi teh
baheula na teh bandel pisan kareseup na oge ngan ulin sareng ulin wae atanapi
pun biang abdi teh selalu sabar ngadepin sim kuring nu kos kieu , Pun biang abdi teh kadang suka na teh bangun tina bobo na isuk isuk sa teacan ararudang
kabehan manehna teh selalu nyiapkeun sasarap keur sim kuring sareng kaluarga
kabehan , Kadang sim kuring teh sering mikir dina hate kapan sim kuring teh
dapet ngabahagia keun kadua indung sim kuring , Eta teh nu abdi jadi keun
motivasi supaya sim kuring teh semangat dina palajaran keur dapet nilai nu alus
.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar